Naskah Drama
Teu beda ti carpon atawa novel, naskah drama oge kaasup bagian tina karya sastra. Bedana teh dina cara nuliskeunana. Dina naskah drama mah eusi carita teh henteu diguluyurkeun kawas dina carpon atawa novel.
Lamun ku urang ditengetan, dina naskah drama aya bagian-bagian anu geus matok, nyaeta :
1. Cacandraan.
Katerangan awal samemeh asup kana carita. Biasana mah pikeun ngagambarkeun suasana panggung.
1. Cacandraan.
Katerangan awal samemeh asup kana carita. Biasana mah pikeun ngagambarkeun suasana panggung.
2. Pertelaan para palaku.
Saha wae anu ngalalakon dina carita, katut rupa-rupa katerangan anu patali jeung palaku.
Saha wae anu ngalalakon dina carita, katut rupa-rupa katerangan anu patali jeung palaku.
3. Katerangan adegan.
Pikeun ngagambarkeun suasana adegan, pamolah para palaku, atawa seting panggung. Ieu katerangan adegan teh biasana ditulis dina jero kurung.
Pikeun ngagambarkeun suasana adegan, pamolah para palaku, atawa seting panggung. Ieu katerangan adegan teh biasana ditulis dina jero kurung.
4. Paguneman antara palaku anu patempas-tempas dina wangun kalimah langsung.
Jejer atawa tema, jalan carita, karakter palaku, suasana, jeung amanat dina carita teh diebrehkeunana dina paguneman. Bisa wae eta ucapan teh henteu mangrupa paguneman, lantaran dina adegan palakuna ukur aya saurang, disebutna monolog.

5. Babak jeung adegan.
Pintonan drama teh aya anu dibagi jadi sababaraha babak, tapi aya deuih anu ukur sababak. Dina jero sababak teh dibagi deui jadi sababaraha adegan.
Pintonan drama teh aya anu dibagi jadi sababaraha babak, tapi aya deuih anu ukur sababak. Dina jero sababak teh dibagi deui jadi sababaraha adegan.
6. Prolog jeung epilog.
Anu dimaksud Prolog teh minangkana mah bubuka, ari epilog sarua jeung panutup. Kadang-kadang dina naskah drama teh teu make prolog jeung epilog, tapi langsung wae kana carita.
Anu dimaksud Prolog teh minangkana mah bubuka, ari epilog sarua jeung panutup. Kadang-kadang dina naskah drama teh teu make prolog jeung epilog, tapi langsung wae kana carita.
Naskah drama ilaharna ditulis pikeun dipagelarkeun, boh dina panggung boh dina layar televisi. Anu matak, bakal katembong jengglenganana teh lamun geus dina bentuk pagelaran, da ari dibaca kitu wae teu pati kagambar kumaha suasanana. Dina rek dipagelarkeun, eta naskah teh kudu jadi cecekelan sutradara, para palaku, panata panggung (ti mimiti sual dekorasi tepi ka tata cahaya), jeung anu mirig (misalna ilustrasi musik).
Casinos near Harrah's Cherokee Casino, NC
BalasHapusCasinos Near Harrah's Cherokee Casino, 전라북도 출장마사지 NC 동두천 출장샵 · 보령 출장마사지 10 Closest 하남 출장안마 Casino to Harrah's 안동 출장샵 Cherokee Casino · Highway 50, Murphy, NC · 3131 N. Check-in time: 2:00 AM.